TIPS mutuskeun kabogoh

04:33:00 0 Comments A+ a-

1. Ketika hidep ngabonceng kabogoh hidep tuluy si eta na sare, pas di setopan teh ngacai tea gening, putuskeun didinya keneh, ngerakeun !

2. Lamun hidep keur shopping, tuluy dina bujur pasangan hidep nyetak hurup T, putuskeun didinya keneh! Si eta pasti busiat moal jauh !

3. Beres dahar, selidiki huntu kabogoh hidep, bisi aya remeh nu nyangked. Engkena bisi kabiasaan, der pacul disangked-sangkedkeun na waos !

4. Lamun kabogoh hidep tara nyikat huntu, putuskeun! Hariwang bisi baham na sasih romdon, ngahiliwir bau wadrun (wadah runtah).

5. Lamun kabogoh hidep tukang mentaan pulsa, putuskeun! Biasana eta pulsa sok dipake sms an jeung salingkuhan na, kade waspada !!

6. Lamun kabogoh hidep tukang salingkuh, tong waka diputuskeun. Mangpaatkeun heula, ciduhan heula sirahna tah kakara putuskeun *naas*.

Comedian Football!