Showing posts with label TIPS HILDAN. Show all posts
Showing posts with label TIPS HILDAN. Show all posts

tips ulangan !

1. Ayeuna peuting atau isuk subuh, ngapalkeun, maca, muka-muka buku saeutik wae mah. Ngarah henteu dangkal teuing isukan otak teh

2. Apalkeun heula materi na. Kade ayeuna ngapalkeun matematika isuk di jadwal ngadon geografi

3. Percaya diri. Ieu penting pisan, hidep kudu percaya diri. Ngajawab jawaban tong asa asa, mun perlu buleudan kabeh jawabanana.

4. Ulah songong. Hidep ulah asa pangheueuhna. Selow we. Rek bisa atau teu bisa oge kudu selow, pasang beungeut pura-pura bisa ngerjakeun.

5. Lamun hidep kapepet emang geus poek teu bisa ngeusian, segala cara mulai di halalkan. Siapkeun "catatan tahunan" hidep sebaik mungkin. :)

6. Hidep kudu selalu inget slogan, "Asup bareng, lulus ge kudu babarengan". Keur UN mah kabeh dulur.

7. Ngadu'a heula meh diridhoan ku gusti Allah. Asli ieu mah lain heureuy

8. Eusian ngaran sorangan di lembar jawaban, ulah ngaran kabogoh

9. Jawab nu gampang heula. Mun euweuh nu gampang, nya derita weh

10. ULAH NIRON! Tapi mangga lajengkeun ku hidep upami teu kapanggih

11. Omat ieu teh Ulangan! Lain soal info-info nu aya di twitter nu dieusian sakarep maneh. Eusian cing bener kehed !

12. Tempat diuk nentukeun prestasi. Nu ditukang cing rajin ngeusian na. Nu dihareup mangga léwéh cing suhud

13. Mun geus beres kempelkeun jawaban na ka pengawas ulah dijieun kakapalan

Tips Seleksi Bersama Masuk Perguran Tinggi Negeri (SBMPTN) !

(1) Tong poho sarapan, ke pas ngeusian soal lapar, aya caritana eta paltot jeung mangsi dilebok
(2) Tong salah ruang. Tong nepi kudu na ruang kelas tapi ngadon ka ruang mayat. Dek jd mantri ruang mayat sugan mah
(3) Cing bner ngabuleudanna. Tong nepi niat na ngabuleudan tp ngadon jd segitiga samakaki, jajar genjang atawa trapesium
(4) ulah salah ngeusian ngaran. Tong dieusi ngaran dulur, kabogoh, tatangga, mitoha, dunungan komo deui salingkuhan
(5) Tong poho ngadoa. Kade ulah doa asup WC atau doa jang melet kecengan
(6) Baca soalna cing bener hiji-hiji. Da dibaca disakalikeun mah rieut.. dungdeng nu aya
(7) Omat pisan ! Ulah niron. Tapi mun teu kapanggih tuluykeun weh. Mun kapanggih, nya derita we!
(8) Tong sare pas tes. ke lembar jawaban teu bisa dibaca kmputer da pinuh ku jigong
(9) Mun hese soalna, jawab we opsyen C ( Cucah ).
(10) ulah nanyakeun jawaban ka pengawas.
(11) Ieu nu penting! Tong poho make baju, Piraku pas tes bubulucunan gubal gabel ih ngeri atuh.
(12) Mun geus beres, eta soal jeung jawban ulah dibawa balik. Rek dijieun bungkus balabala pajarkeun ma

Tips upami mendakan Jurig di malem jumat !

1.Mun manggihan pocong dijalan, heug mawa karung, ajak balap karung ti cimahi ka ujungberung

2.Mun manggih kunti dijalan alusnamah mawa pilox, corat coret bajuna, salaman, tuluy gogorowokan....horeee lulussss

3.Mun manggih kunti dijalan, mawa gunting kuku, rek gunting jukut, rek gunting kaen, gunting buukna, sok teu PD (PutraDwika) kunti botakmah

4.Mun manggih sundel bolong dijalan, mawa sendok tembok+adukan, tambal tonggongna. Cobaan

5.Mun manggih sundel bolong di jalan, cobaan mawa jolanG|keur naon?|keur nuruban eta liang

6.Mun manggih sundel bolong di jalan, coba mawa urekan, eta liang badag sugan weh lain belut, oray, pasti beubeunangan

7.Mun manggih tuyul dijalan, mawa baju urut, heug bajuan, na teu karunya eta tuyul kabulusan

TAPI OMAT NOMER HIJI MAH NGADUA HEULA KA ALLAH SWT. supados selamat

TIPS mutuskeun kabogoh

1. Ketika hidep ngabonceng kabogoh hidep tuluy si eta na sare, pas di setopan teh ngacai tea gening, putuskeun didinya keneh, ngerakeun !

2. Lamun hidep keur shopping, tuluy dina bujur pasangan hidep nyetak hurup T, putuskeun didinya keneh! Si eta pasti busiat moal jauh !

3. Beres dahar, selidiki huntu kabogoh hidep, bisi aya remeh nu nyangked. Engkena bisi kabiasaan, der pacul disangked-sangkedkeun na waos !

4. Lamun kabogoh hidep tara nyikat huntu, putuskeun! Hariwang bisi baham na sasih romdon, ngahiliwir bau wadrun (wadah runtah).

5. Lamun kabogoh hidep tukang mentaan pulsa, putuskeun! Biasana eta pulsa sok dipake sms an jeung salingkuhan na, kade waspada !!

6. Lamun kabogoh hidep tukang salingkuh, tong waka diputuskeun. Mangpaatkeun heula, ciduhan heula sirahna tah kakara putuskeun *naas*.

TIPS ngarah pinter

1. Gugah bobo, ngaca tuluy seuseurian sorangan

2. Saacan indit sakola, tong poho sarapan! Menu na bubur PR, kerecek LKS, semur patlot, sangray panghapus.

3. Omat, lamun mandi hulu ulah dibaseuhan, bisi urut ngapalkeun peuting kamari luntur deui!

4. Nepi sakola, datangan kabeh guru terus sun tangan. paduli rek salah asup sakola ge

5. Mun keur dikelas, tong loba tatanya. kaciri bodona ! Mening tatalu, ngabalang-balangkeun tipe x ka nu sirah batur. Keren!

TIPS aman naek kereta api

1. Anu mimiti pisan, pastikeun eta kareta aya hulu lokomotip jeung masinis na, lamun euweuh eta, didagoan nepi ka modar ge moal maju-maju.

2. Milih tempat diuk panghareupna, lamun bisa mah hareupeun masinis ngarah nepi pangheulana.

3. Saacan naek kareta tanyakeun heula, ieu kareta rek tabrakan moal, mun rek tabrakan kajeun bedo!

4. Hindari memakai perhiasan berlebih, contona mawa linggis, pacul, kored, saringan semen, anteneu *rek kamana atuh*

5. Untuk menghindari pencopetan, disarankan eta gerbong kareta beuli tiketna kabeh, tuluy koncian! Dijamin!

6. Lamun hidep mawa pasangan, simpen pasangan hidep dina kantong atau dina saku, karunya bisi duksek *irit duit oge lumayan teu mayar tiket*

7. Intina mah, lamun hayang aman geus cicing ngajedog di imah montong indit-inditan!! Duit awet, moal cape, ngan otak rada doglo!

8. Lamun hidep rek meuli oleh2, montong ngageroan tukang taraje asup ka kereta, karunya batur *kabayang asupna kumaha *

TIPS lalajo konser

1. Lamun bade lalajo konser, biasana seseleket heueuh ! Marake minyak we ibakna, meh leueur

2. Tong hilap make deodoran! Isin atuh keur pogo pekteh barau kelek! iyey garila kesang bau cai bah!

3. Tong seeur babawaan! Eta konser nu nongton teh teu saalit. Komo mamawa lomari mah, matak ripuh

4. Lamun teu boga tiket, kajeun ngadagoan nu mawa tiket, teras napel we ditonggongna. Sok geura!

5. Mun hayang panghareupna mawa termos eusi ci ngagolak (pasti ngaraleos geura)